“Kang Dudung, hayu kadieu ngobrolna meh teu kadengeun ku anak urang”. Horeng nyimas masih keneh apaleun ka manehna. Tuluy dibawa ka tukangeun imah. Aya saung ranggon dua tingkat di tengah balong. Meureun paranti Nyimas anu geus jadi putri karaton niis. Anakna cenah tara wanieun nyampeurkeun ka ranggon lamun manehna keur niis. Handapna bale-bale ukuran opat meter ka opat meter. Naek kaluhur tingkat dua horeng aya komputer meja tamu jeung kasur. Lamun lapar parabot dapur jeung kulkas oge katiten di ieu ranggon. Didieu Nyimas sok kutak ketik nyieun artikel jeung karangan sejen. Nepi ka jadi pangarang anu sohor. Kuring ukur ngahuleng niten kaayaan imah Nyimas anu siga karaton. “Hampura mas, akang teu bisa mere fasilitas kahirupan saperti kieu.” Ceuk manehna.
Nyimas carinakdak tuluy ngusap cimata anu geus lila saat teu bisa ceurik “Kang hampura abdi” pokna tutas rineh diuk pahareup-hareup. “Abdi lain embung balik. Kagok borontok.” Manehna teu bisa ngajawab saukur olohok. “Nepi ka Surabaya abdi dijual ka gang Dolly ku si Hasan. Abdi ceurik tapi sadar moal sanggup nyanghareupan akang. Hiji-hijina nu aya dina pikiran abdi kecap akang. Budak kudu jadi wali kota.” Horeng Nyimas dijual jadi ungkluk ku si Hasan. “Untung pelanggan kahiji abdi urang Jakarta anu boga hotel Alexis. Tur manehna jadi kapincut ku abdi. Ieu cukang dimanfaatkeun pikeun kaluar tina kamiskinan. Abdi nitipkeun budak ka ceu Kokom tuluy nuturkeun ka Alexis nu cenah dibayarna leuwih gede tinimbang jadi ungkluk di Dolly.” Manehna kacida nyerina ngadenge kecap pamajikan. Tapi neger negerkeun maneh ngabadungan dongeng pamajikanna.
Nu sinopis tina sempalan carita novel diluhur nyaeta ....