Post Test Biografi (PPL)
Quiz
•
World Languages
•
11th Grade
•
Medium
Puji Lestari
Used 75+ times
FREE Resource
8 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Titénan!
Haji Hasan Mustapa dilahirkeun di Cikajang, Kabupaten Garut dina kaping 3 Juni 1852, sarta pupus di bandung taun 1930. Ramana téh katelah Mas Sastramanggala, sabada munggah haji robah namina janten Haji Usman, Camat kontrakan kebon entéh di Cikajang. Ramana téh masih rundayan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ari ibuna, Nyi Mas Salpah (Eméh), putra Mas Kartapraja rundayan Dalem Sunan Pagerjaya ti Suci, Garut.
Dina yuswa sabaraha taun Haji Hasan Mustapa pupusna?
58 taun
62 taun
68 taun
72 taun
78 taun
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Ibing Kusmayatna atawa Radén Aang Kusmayatna Kusumadinata ogé dipikawanoh minangka Kang Ibing (gumelar di Sumedang, Jawa
Kulon, 20 Juli 1946 – tilar dunya di Bandung, Jawa
Barat, 19 Agustus 2010 dina umur 64 taun) nyaéta salah saurang inohong Sunda, tukang bodor, ogé anu panaratas grup bodor De'Kabayan. Kang Ibing téh nyaéta anak ti papasangan Radén Suyatna
Kusumahdinata jeung Radén Kusdiyah.
Dumasar sempalan biografi di luhur, Kang Ibing téh saurang …
Tokoh politik
Tokoh sastra
Artis
Gubernur
Masarakat biasa
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Rupina ti saprak alit Sulé geus hirup basajan. Manéhna kantos ubeng lembur ngajual jagong kulub, hayam goréng, sarta kungsi jualan kabaya ogé. Dina taun 1997, Sulé ngawawani manéh nikah ka mojang pupundén atina nyaéta Lina (almh). Saterusna taun 2004 Sulé miluan Audisi Pelawak Indonesia (API) sareng grup lawak na SOS, aya Ogi Suwarna sarta Obin Wahyudin. Alhamdulilah dina audisi pelawak éta Sulé jeung grupna jadi pinunjul hiji. Sarta di taun 2005 manéhna oge kadi pinunjul dina variety show “superstar show”. Ti kadua audisi éta Sulé mendak jalanna pikeun suksés sepertos ayeuna.
Sempalan biografi di luhur nyaritakeun ngeunaan …
Weton
Dedegan
Riwayat organisasi
Riwayat sakola
Riwayat karir
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
wahyu affandi leuwih dipikawanoh doél sumbang (gumelar di bandung 16 Méi 1963 umur 57
taun) nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda
Cara panulisan kalimah di luhur nu bener nyaéta …
Wahyu Affandi leuwih dipikawanoh Doél
Sumbang (gumelar di Bandung, 16 Méi 1963; umur 57
taun) nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda.
Wahyu affandi leuwih dipikawanoh Doél sumbang (gumelar di bandung, 16 Méi 1963 umur 57
taun) nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda
Wahyu Affandi leuwih dipikawanoh doél sumbang (gumelar di Bandung 16 Méi 1963 umur 57
taun) Nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda.
Wahyu affandi leuwih dipikawanoh doél sumbang (gumelar di Bandung, 16 méi 1963; umur 57
taun) Nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda.
wahyu Affandi leuwih dipikawanoh doél
Sumbang (gumelar di bandung 16 Méi 1963; umur 57
taun nyaéta saurang panyanyi sakaligus panyipta lolobana lagu pop Sunda.
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Biografi jeung otobiografi téh kaasup karangan narasi anu nyaritakeun hiji perkara, nyaéta nyaritakeun lalakon hirup hiji jalma. Bédana biografi jeung otobiografi nyaéta …
Biografi mah dicaritakeun ku batur sedengkeun otobiografi dicaritakeun ku sorangan.
Biografi dicaritakeun ku sorangan sedengkeun otobiografi mah dicaritakeun ku batur.
Biografi maké sebutan jalma kahiji sedengkeun sedengkeun otobiografi mah maké sebutan jalma katilu.
Sesebutan jalma nu dipaké dina biografi mah kecap “abdi” sedengkeun sesebutan jalma nu dipaké dina otobiografi mah kecap “manéhna”
Teu aya bédana.
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Mas Acé Salmun Raksadikaria atawa nu kawentar M. A. Salmun (23 April 1903 - 10
Pébruari 1972) téh bujangga, ahli basa jeung sastra Sunda jeung Indonésia. Kaweruhna dina widang sastra sarua jerona jeung katiginanana dina nyiptakeun karya-karya sastra (utamana dina basa
Sunda).
Dumasar sempalan biografi di luhur kaasup kana struktur bagéan …
panutup
re-orientasi
bubuka
eusi
pamungkas
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Mas Acé Salmun Raksadikaria atawa nu kawentar M. A. Salmun (23 April 1903 - 10
Pébruari 1972) téh bujangga, ahli basa jeung sastra Sunda jeung Indonésia. Kaweruhna dina widang sastra sarua jerona jeung katiginanana dina nyiptakeun karya-karya sastra (utamana dina basa
Sunda).
Sempalan biografi di luhur nyaritakeun ngeunaan …
Nami lengkep, nénéh, karya-karyana.
Dedegan, name kolot, yuswa
Nami lengkep, dedegan, weton
Karya-karya nu tos dijieun, kalungguhan dina organisasi
Nami lengkep, dedegan, pasipatan.
8.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
yus rusyana lahir di pameungpeuk garut jawa barat dina 24 Maret 1938 ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan hususna tradisi lisan
Cara panulisan éjahan jeung tanda baca nu bener nyaéta …
Yus rusyana lahir di pameungpeuk, Garut, Jawa barat dina 24 Maret 1938. Ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan hususna tradisi lisan.
Yus rusyana lahir di Pameungpeuk, Garut, Jawa barat dina 24 Maret 1938. Ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan hususna tradisi lisan.
Yus Rusyana lahir di Pameungpeuk, Garut, Jawa Barat dina 24 Maret 1938. Ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan hususna tradisi lisan.
Yus rusyana lahir di pameungpeuk. Garut. Jawa Barat, dina 24 Maret 1938. Ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan, hususna tradisi lisan.
Yus Rusyana lahir di Pameungpeuk Garut Jawa Barat dina 24 Maret 1938 ti leuleutik kahirupanna tos raket jeung kabudayaan hususna tradisi lisan
Similar Resources on Wayground
10 questions
Kuis Bab 1 Kelas 6
Quiz
•
6th Grade - University
12 questions
Fokus 4 Syn på livet
Quiz
•
10th - 12th Grade
8 questions
Biografi
Quiz
•
11th Grade
10 questions
Quiz Panumbu Catur Kelas XI
Quiz
•
11th Grade
10 questions
post test carpon
Quiz
•
11th Grade
10 questions
Soal drama basa sunda
Quiz
•
11th Grade
8 questions
Midangkeun carpon
Quiz
•
9th - 12th Grade
10 questions
STRUKTUR TEKS BIOGRAFI
Quiz
•
11th Grade
Popular Resources on Wayground
20 questions
Brand Labels
Quiz
•
5th - 12th Grade
10 questions
Ice Breaker Trivia: Food from Around the World
Quiz
•
3rd - 12th Grade
25 questions
Multiplication Facts
Quiz
•
5th Grade
20 questions
ELA Advisory Review
Quiz
•
7th Grade
15 questions
Subtracting Integers
Quiz
•
7th Grade
22 questions
Adding Integers
Quiz
•
6th Grade
10 questions
Multiplication and Division Unknowns
Quiz
•
3rd Grade
10 questions
Exploring Digital Citizenship Essentials
Interactive video
•
6th - 10th Grade
Discover more resources for World Languages
28 questions
Ser vs estar
Quiz
•
9th - 12th Grade
15 questions
PRESENTE CONTINUO
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
La Fecha
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Definite and Indefinite Articles in Spanish (Avancemos)
Quiz
•
8th Grade - University
20 questions
SP II: Gustar with Nouns and Infinitives Review
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Present Tense (regular)
Quiz
•
6th - 12th Grade
30 questions
Autentico 2 1b Extracurricular Activities
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
La Hora
Quiz
•
9th Grade - University