
BIOGRAFI

Quiz
•
World Languages
•
11th Grade
•
Medium
RITA SUNDASKY
Used 9+ times
FREE Resource
9 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 10 pts
- Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong.
- Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh.
- Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.
- Maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda
hal-hal di luhur kaasup kana .... biografi
wangenan
unsur-unsur
jenis
mangpaat
tujuan
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 10 pts
Warsih 1984,manehna neruskeun ka SMPN 2 Bandung,anu diteraskeun ka SMAN 3 Bandung di warsih 1987. Warsih 1990,sanggeus tamat SMA,manehna milih Institut Teknologi Bandung(ITB)jurusanArsitekturkanggoneruskeunatikanana. Lima warsih diseepkeun na di bangku kuliah. Manehna oge aktip dina unit kagiatan mahasiswa sarta organisasi mahasiswa. Teu jarang manehna oge bibilintik sepertos midamel ilustrasi cet cai atawa maket kanggo dosena .
Riwayat atikan
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
Karya anu kungsi dijieun saperti buku, tulisan liana, jsté
Pangajén atawa penghargaan nu kungsi katarima (mun aya)
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 15 pts
HAL-HAL ANU TEU KUDU AYA DINA RIWAYAT HIRUP, nya eta ...
1. Jati diri (ngaran, weton/tempat, tanggal, bulan, jeung taun lahir)
2. jumlah harta
3. Ngaran indung jeung bapa
4. Riwayat sakola atawa atikan
5. babaturan sakolana
6. Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
7. ngaran tatanggana
1,2,4
3,5,6
4,6,1
2,5,7
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 10 pts
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963.
ngaran indung jeung bapa
identitas diri
riwayat atikan
riwayat pagawean
penghargaan
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 10 pts
Mochamad Ridwan Kamil, S.T., M.U.D (leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Émil;Salila manéhna ngajabat jadi walikota Bandung, loba pisan kamajuan dina bidang pelayanan publik jeung sistem tata rohang. Ku kituna, manéhna loba meunang pangajén ku lantaran kamajuan-kamajuan anu dihasilkeun ku manéhna. Salah sahiji pangajén anu dimeunangkeun ku manéhna nyaéta Pangajén Kepala Daérah Teladan versi majalah Tempo 2017, manéhna kaabus salah sahiji tina 10 kepala daérah teladan.
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
Kagiatan-kagiatan nu sok diiluan saperti seminar, lokakarya, penataran, jsté
Karya anu kungsi dijieun saperti buku, tulisan liana, jsté
Pangajén atawa penghargaan nu kungsi katarima (mun aya)
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 10 pts
Kang Emil kungsi sakola di:
Sarjana S-1 Téknik Arsitéktur Institut Téknologi Bandung 1990-1995
Master of Urban Design University of California, Berkeley 1999-2001
Riwayat sakola atawa atikan
Riwayat gawé
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
identitas diri
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 10 pts
Masarakat Sunda biasa nyebut Hasan Mustapa minangka Panghulu Haji Hasan Mustapa (salajéngna dina ieu artikel disebut HM), sabab kalungguhanana di Bandung nyaéta minangka 'Panghulu Besar' (Hoofd Panghoeloe). Ngaran Hasan Mustapa téh paméré rama jeung akina; 'Hasan' ti bapana, sedengkeun 'Mustapa' ti akina. Ngaran bapana nyaéta Mas Sastramanggala (Haji Usman), camat kontrakan entéh Cikajang, Garut, turunan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ibuna, Nyi Mas Salpah (Éméh), téh putra Mas Kartapraja, sarua camat kontrakan entéh Cikajang, turunan Dalem Sunan Pagerjaya di Suci, Garut. Mun nilik pancakakina mah, boh ti pihak indung atawa ti ramana, HHM téh turunan priyayi. Malah mah, numutkeun silsilah bupati Sukapura, HHM téh jéntré tedak ménak, turunan bupati Sukapura.
Riwayat sakola atawa atikan
Riwayat gawé
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
identitas diri
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
8.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 15 pts
Dina umur 8 taun, HM pernah diasupkeun ka Sakola Kabupatén ku Holle, tapi teu disatujuan ku bapana maké alesan rék dibawa ka Mekah. Tadina mah Holle keukeuh hayang HM sarua sakola jeung budak priyayi lianna, tapi antukna mah éléh da bapana keukeuh. Di Mekah anjeunna kungsi guguru ka Séh Mukri. Samulangna ka lemah cai, HM neruskeun masantrén ka Kiyai Hasan Basri, nepi ka ngolotok, hafid Qur'an. Ti dinya, HM neruskeun guguru dasar-dasar nahwu-sorop ka Rd. H. Yahya, pangsiunan panghulu Garut, teras ka Kiyai Abdul Hasan di Tanjungsari, Sumedang pikeun nyuprih élmu sorop, nahwu, jeung fiqh. Ti Sumedang, anjeunna balik deui ka Garut pikeun guguru ka Kiyai Muhammad jeung Kiyai Muhammad Ijrai. Lian ti éta, sigana mah HM ogé kungsi guguru ka Kiyai Abdul Kahar (Surabaya) jeung Kiayi Halil (Madura), ogé sababaraha kiyai asal Nusantara di Mekah, kayaning Séh Nawawi Al-Bantani, Abdullah Al-Zawawi, Hasbullah, Séh Abubakar Al-Satha.
Dina buku Aji Wiwitan, HM nyebutkeun yén anjeunna geus neuleuman genep welas rupa élmu, di antarana ushul, tasawuf, jeung tauhid. Ogé disebutkeun yén anjeunna geus neuleuman élmuna di Mekah, di antarana ka Séh Muhammad, Séh Abdulhamid, Séh Ali Rahbani, Séh Umar Sani, Séh Mustomal Apipi, Sayid Bakir, jeung Sayid Abdul Janawi. Tina kasang tukang atikanana, bisa dijinekkeun yén HHM digedékeun di lingkungan pasantrén, sarta disawawakeun di Mekah. Di Mekah téh anjeunna salila dalapan taun, sarta mulang nalika umur 30 (taun 1882). Salila di Mekah, anjeunna wawanohan jeung Snouck Hurgronje. Nalika mulang ka Garut, ramana téh geus pupus. Ti samulangna ti Mekah, anjeunna harita geus katelah kiyai/ajéngan (ulama). ku sabab diajak Hurgronje, HHM lajéng ngumbara ka sababaraha tempat, nepi ka kungsi jadi panghulu di Acéh, saméméh mulang deui ka Bandung kalawan kalungguhan panghulu besar di Bandung nepi ka pangsiunna.
Ngaran indung jeung bapa
Riwayat sakola atawa atikan
Riwayat gawé
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
9.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 10 pts
Loba nu nyangka yén HHM mimiti ngarang sanggeus balik ti Acéh, padahal Wangsaatmaja nyebutkeun yén HHM mah basa keur di Mekah gé geus kungsi nulis buku leutik dina basa Arab nu judulna Fathul Muin, medal di Mesir. Kern ogé nyebutkeun yén basa keur di Mekah téh HHM kungsi nulis buku-buku kaagamaan jeung puisi Arab nu medal di Kairo. Dumasar kana karya-karyana anu bisa kakumpulkeun, anjeunna leuwih getol nulis sanggeus jadi Panghulu Besar Bandung, sanggeus pangsiun. Malah ceuk Wangsaatmaja mah, 20 poé saméméh pupus gé HHM masih miwarang Wangsaatmaja nuliskeun pamikiranana dina buku poéanana. Karya munggaran HHM nu kanyahoan téh titimangsana taun 1899, nyaéta naskah nu judulna Aji Wiwitan Gelaran, buku jilid ka-3, sedengkeun nu panungtung judulna Aji Wiwitan Aji Saka II, buku jilid ka-14, nu numutkeun Wangsaatmaja mangrupa kumpulan kasauran HHM saméméh pupus. Dina mangsa 31 taun (1899 nepi ka 1930), HHM ngahasilkeun puluhan karya ngeunaan pamikiran, rarasaan, sarta pamendak anjeunna ngeunaan agama, tasawuf, filsafat, adat kabiasaan urang Sunda, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman ku anjeunna. Nu kacatet sarta bisa kakumpulkeun aya 49 buku. Ti sakabéh karya-karyana, nu matak hélok mah dangdingna nu jumlahna kira 10000 bait.
Riwayat gawé
Riwayat organisasi intra jeung ekstra
Pangajén atawa penghargaan nu kungsi katarima (mun aya)
Karya anu kungsi dijieun saperti buku, tulisan liana, jsté
Kalungguhan atawa kadudukan (jabatan) nu kungsi dicekel
Similar Resources on Wayground
10 questions
Bab 1 Wawancara ( B.Sunda Kelas X)

Quiz
•
9th - 12th Grade
14 questions
Woordenschat hoofdstuk 1

Quiz
•
1st - 12th Grade
8 questions
Biografi

Quiz
•
11th Grade
14 questions
ひらがな練習(な)Hiragana practice (Na)

Quiz
•
3rd Grade - University
10 questions
post test carpon

Quiz
•
11th Grade
8 questions
Midangkeun carpon

Quiz
•
9th - 12th Grade
10 questions
STRUKTUR TEKS BIOGRAFI

Quiz
•
11th Grade
10 questions
Soal drama basa sunda

Quiz
•
11th Grade
Popular Resources on Wayground
10 questions
Video Games

Quiz
•
6th - 12th Grade
10 questions
Lab Safety Procedures and Guidelines

Interactive video
•
6th - 10th Grade
25 questions
Multiplication Facts

Quiz
•
5th Grade
10 questions
UPDATED FOREST Kindness 9-22

Lesson
•
9th - 12th Grade
22 questions
Adding Integers

Quiz
•
6th Grade
15 questions
Subtracting Integers

Quiz
•
7th Grade
20 questions
US Constitution Quiz

Quiz
•
11th Grade
10 questions
Exploring Digital Citizenship Essentials

Interactive video
•
6th - 10th Grade
Discover more resources for World Languages
28 questions
Ser vs estar

Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Definite and Indefinite Articles in Spanish (Avancemos)

Quiz
•
8th Grade - University
15 questions
Ser

Quiz
•
9th - 12th Grade
16 questions
Subject pronouns in Spanish

Quiz
•
9th - 12th Grade
11 questions
Hispanic Heritage Month

Lesson
•
9th - 12th Grade
21 questions
Spanish Speaking Countries and Capitals

Quiz
•
7th - 12th Grade
20 questions
SP II: Gustar with Nouns and Infinitives Review

Quiz
•
9th - 12th Grade
40 questions
Subject Pronouns and Ser

Quiz
•
6th - 12th Grade