
Evaluasi pembelajaran materi "Dongeng"

Quiz
•
Education
•
University
•
Hard
Mima Utami
Used 2+ times
FREE Resource
Student preview

10 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE SELECT QUESTION
45 sec • 1 pt
1. Salah sahiji dongèng anu kaasup kana dongèng sage diantarana nyaèta …
a. Si Kabayan Ngala Nangka
b. Gagak Jadi Hideung
c. Nyi Roro Kidul
d. Sasakala Talaga warna
e. Prabu Siliwangi
2.
MULTIPLE SELECT QUESTION
45 sec • 1 pt
2. Anu kaasup unsur-unsur instrinsik dina dongèng iwal ti …
a. Tema
b. Palaku
c. Galur
d. Latar
e. Sosial budaya
3.
MULTIPLE SELECT QUESTION
45 sec • 1 pt
Ku kangjeung raja digumujeungkeun, pamundut anu sakitu minculakna tèh, disebutkeun murka kaleuwihan, ditungtungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.
Nanging ujug-ujug jengkèt baè putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu tata pasini deui, wur baè permata anu dicandak harita ku anjeuna diawurkeun kana mastaka ramana. Gejlig putri ka latar, jametrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu, “Kop tah cokot deui ari owel mah dipakè ku …!
Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial baè cai ngabulak-bulak ti tengah latar tèa. Leb karaton kakeeum, musna rupa dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.
Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi tèh nyaèta dumèh kahibaran ku cahaya berlian sareng permata nu sanès. Anu mayak didasarna, tilas ngawuran mastaka kanjeng raja, ramana putri nu murka tèa.
Eusi dongèng di luhur ka abus kana …
a. Mite
b. Sagè
c. Fabel
d. Parable
e. legenda
4.
MULTIPLE SELECT QUESTION
45 sec • 1 pt
4. Amanat nu bisa diconto tina dongèng “Talaga Warna” nyaèta ….
a. Kahayang budak kudu sagala digugu
b. Nu jadi kolot tong nurut ka budak
c. Kahayang budak tong sagala digugu sabab balukarna henteu hadè
d. Kudu ngadèngèkeun sagala kasusah budak
e. Kolot ulah antepan ka budak
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
5. Dongèng sasakala anu asal-usulna ti kabupaten Garut nyaèta …
a. Sasakala Situ Cileunca
b. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
c. Sasakala Leuwi Ronggèng
d. Sasakala Gunung Gelap
e. Sasakala Situ Bagendit
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Jung barudak tèh indit. Adina diiringkeun ku lanceukna. Turun gunung unggah gunung, nyorang leuweung luwang-liwung. Jol anjog ka sisi walungan gedè, tapi caina dèèt jeung hèrang, kauntup beunang diraas. Meneran poè panas mentrang-mentring. Budak lalaki ngajak eureun ka adina, basana” Ke Nyai urang ereun heula. Jeung akang mah hareudang, hayang mandi. Itu cai ku hèrang matak kabita. (Dicutat tina Dongèng-Dongèng sasakala, karya Moh Ambri, 1994, k3)
Nilik tina wangun caritana, dongèng di luhur tèh dominan nuduhkeun …
a. Galur maju
b. Galur mundur
c. Campuran
d. Amanat
e. Puser sawangan
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
7. Salah sahiji ciri dongèng nyaèta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sèjèn jeung anonym, anu ngandung maksud …
a. Kapaluruh nu ngarangna
b. Teu kapaluruh saha nu ngarangna
c. Teu jelas eusina
d. Aya sasaruan jeung wilayah sèjèn
e. Sumebar sacara lisan
Create a free account and access millions of resources
Popular Resources on Wayground
10 questions
Lab Safety Procedures and Guidelines

Interactive video
•
6th - 10th Grade
10 questions
Nouns, nouns, nouns

Quiz
•
3rd Grade
10 questions
Appointment Passes Review

Quiz
•
6th - 8th Grade
25 questions
Multiplication Facts

Quiz
•
5th Grade
11 questions
All about me

Quiz
•
Professional Development
22 questions
Adding Integers

Quiz
•
6th Grade
15 questions
Subtracting Integers

Quiz
•
7th Grade
20 questions
Grammar Review

Quiz
•
6th - 9th Grade