Lawungan 1 - Évaluasi Laporan Kagiatan

Lawungan 1 - Évaluasi Laporan Kagiatan

1st Grade

5 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

Mga Pangsari

Mga Pangsari

1st Grade

10 Qs

TEBAK-TEBAKAN

TEBAK-TEBAKAN

1st - 6th Grade

10 Qs

PENDIDIKAN MORAL TAHUN 2 (HORMAT)

PENDIDIKAN MORAL TAHUN 2 (HORMAT)

1st - 3rd Grade

10 Qs

Familiarisasi Standard ASME B31.8-2018

Familiarisasi Standard ASME B31.8-2018

KG - 5th Grade

10 Qs

Bahasa Jawa

Bahasa Jawa

1st - 2nd Grade

10 Qs

QUIZ PJOK 1

QUIZ PJOK 1

1st Grade

10 Qs

Kata Ganti Nama Diri

Kata Ganti Nama Diri

1st - 2nd Grade

10 Qs

Profil SD Anak Emas

Profil SD Anak Emas

1st Grade

10 Qs

Lawungan 1 - Évaluasi Laporan Kagiatan

Lawungan 1 - Évaluasi Laporan Kagiatan

Assessment

Quiz

Other

1st Grade

Hard

Created by

Anggie Bintang

Used 3+ times

FREE Resource

AI

Enhance your content

Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...

5 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

45 sec • 1 pt

Dina raraga milangkala SMK Sundalana nu ka 20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola (1). Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Méi 2017, pukul 08.00-11.00 di Balé Pamidangan (Aula) SMK Sundalana. Jl. Garut No.2 Kota Bandung (2). Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang (3). Kagiatan Pagelaran lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan (4). Rintakan kahiji pikeun kelas X, rintakan kadua pikeun kelas XI, jeung rintakan katilu pikeun kelas XII (5). Unggal kelompok ti kelas séwang-séwangan mintonkeun kaparigelanana dina panggung anu geus disadiakeun (6). Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna (7).

Dumasar kana ringkesan laporan kagiatan di luhur, anu kaasup kana bagian pedaran aya dina kalimah...

(1), (2), jeung (3).

(3), (4), jeung (5).

(4), (5), jeung (6).

(5), (6), jeung (7).

(7), (1), jeung (2).

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

45 sec • 1 pt

Pagelaran Seni Sunda dina raraga milangkala SMK Sundalana nu ka 20 téh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan siswa. Lian ti éta, ieu acara téh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditetepkeun ku pamaréntah daérah. Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumanget siswa sangkan ngamumulé seni tradisi Sunda. Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna.

Dumasar kana ringkesan laporan kagiatan di luhur, anu mangrupa bagian panutup nyaéta…

Pagelaran Seni Sunda dina raraga milangkala SMK Sundalana nu ka 20 téh minangka pangreuah-reuah.

Pagelaran Seni Sunda sarta salah sahiji kasempetan pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan siswa.

Ieu acara pagelaran téh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditetepkeun ku pamaréntah daérah.

Dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumanget siswa sangkan ngamumulé seni tradisi Sunda.

Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun.

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

45 sec • 1 pt

Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang. Kagiatan Pagelaran lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan. Rintakan kahiji pikeun kelas X, rintakan kadua pikeun kelas XI, jeung rintakan katilu pikeun kelas XII. Unggal kelompok ti kelas séwang-séwangan mintonkeun kaparigelanana dina panggung anu geus disadiakeun. Dina ieu pagelaran disadiakeun tilu pakét hadiah pikeun katégori “Pamidang Favorit”, “Pamidang Motékar”, jeung “Pamidang Méncrang”.

Kelompok anu kapilih meunang panglélér katégori “Pamidang Favorit” nyaéta…

Kelompok 1 ti kelas X

Kelompok 3 ti kelas X

Kelompok 2 ti kelas XI

Kelompok 4 ti kelas XI

Kelompok 1 ti kelas XII

4.

MULTIPLE SELECT QUESTION

45 sec • 1 pt

Gigireun jalan deukeut munara Éiffel aya walungan Seine nu meulah kota Paris. Malah aya pangkalan parahu turis ‘vedettes de paris’ pikeun turis lalayaran di éta walungan. Parahu turis mah dingding sakurilingna kaca, di dék aya korsi ngajajar. Dina parahu aya informasi ku basa Inggris ngeunaan tiap gedong penting antik sisi walungan Seine jeung jambatan nu kaliwatan. Di antarana baé aya jambatan nu dilandih jambatan présidén. Cenah sabab éta jambatan ngahubungkeun kantor présidén jeung perdana Menteri. Terus aya museum D’Orsay, nu ngoléksi seni lukis modéren, terus gedong parlemén. Ogé aya kasebut ‘imah pangleutikna’ di Paris, mangrupa flat tilu lantéy nu legana sigana ukur tilu méteran, diapit ku apartemén. Ieu imah kungsi dicicingan ku Albert Camus, pangarang Perancis kasohor.

Dina ringkesan laporan lalampahan di luhur, anu teu kaasup kana kecap rajékan sabagéan nyaéta…

Gigireun

Lalayaran

Dingding

Ngajajar

Dicicingan

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

45 sec • 1 pt

Poé kadua, jalan-jalan dianteur ku Ratna, da Ékona rék ka kampus, Nara sakola. Tujuan munggaran téh Le Grand Arche di La Defense, maké métro deui. La Defense téh mangrupa wewengkon parkantoran nu pinuh ku gedong-gedong jangkung has perkantoran. Di tengahna lapangan beton nu disebut La Esplanade. Le Grand Arche mangrupa gedong perkantoran nu modélna niru Arch de Triomphe ngan dina wanda modéren jeung leuwih jangkung. Ieu gedong téh hasil saémbara, nu meunangna Johan Otto Sprickelsen, arsiték Dénmark.

Dina ringkesan laporan lalampahan di luhur katitén aya kecap rajékan dwipurwa, nyaéta dina kecap…

Jalan-jalan

Wewengkon

Gedong-gedong

Munggaran

Perkantoran