Bahasa Sunda 8-2122

Bahasa Sunda 8-2122

12th Grade

5 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

Quiz 1 Artikel Budaya

Quiz 1 Artikel Budaya

11th - 12th Grade

10 Qs

KUIS BAB KAWIH

KUIS BAB KAWIH

12th Grade

10 Qs

Carita Pantun (Ipah Saripah)

Carita Pantun (Ipah Saripah)

12th Grade - University

10 Qs

Quizzis Teks Deskripsi

Quizzis Teks Deskripsi

9th - 12th Grade

10 Qs

BAHASA INDONESIA

BAHASA INDONESIA

12th Grade

6 Qs

B sundq

B sundq

12th Grade - University

9 Qs

BS Biantara

BS Biantara

9th - 12th Grade

10 Qs

Tradisi Sunda

Tradisi Sunda

12th Grade

10 Qs

Bahasa Sunda 8-2122

Bahasa Sunda 8-2122

Assessment

Quiz

World Languages

12th Grade

Medium

Created by

Lili Gozali

Used 4+ times

FREE Resource

5 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

WARTAKOTALIVE.COM, BOGOR (26/06/2020) – Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil meredih warga Jakarta saheulaanan teu meunang pakansi ka Puncak Bogor.

Ieu hal ditingali tina hasil nyumebarna Covid-19 sanggeus dilakukeun rapid test massal saminggu anu ka tukang, tina 88 urang reaktif, 2 di antara nu positif asalna ti Jakarta. “Karena memang Bogor ini marketnya dari Jakarta,” ceuk Ridwan Kamil nalika ngalakukeun inspéksi wisata di Taman Safari Bogor, Jumat (26/6/2020).

Nurutkeun anjeunna dumasar hasil tina pamanggih, wisata anu teu kudu mayar alias teu aya nu ngokolakeun di wilayah Kabupatén Bogor masih rélatif leuwih rawan.

Misalna di kebon entéh, masih keneh loba lokasi anu can nerapkeun aturan mayar tikét nepika teu aya anu nalingakeun lar-supna pangunjung. Ridwan Kamil ningali, yén loba warga anu budakna teu maké masker sanajan kolotna maké.

Nah itu saya sudah bilang tidak ada gerbangnya, tidak ada tiketingnya, tidak ada pengelolanya itu yang paling rawan. Maka kita lagi kaji dengan Pak Kadis Pariwisata untuk memberikan wastafel disebar, sehingga dengan kedisiplinan mereka paham melakukan protocol kesehatan,” jelasna. Ku sabab kitu, anjeunna meredih pihak nu ngokolakeun wisata anu sipatna kudu mayar sangkan teu narima wisatawan asal Jakarta, salila situasi can bisa dikendalikeun 100 persén.

Kaasup Kawasan konsérvasi di wilayah Jawa Barat, dipeunteun kaasup katégori handap atawa luhur. Sanajan sacara aturan geus bisa dibuka, tapi Ridwan Kamil meredih sangkan tetep teu narima kunjungan wisatawan ti luar Jawa Barat.

(Sumber: wartakota.tribunnews.com;ditarjamahkeun)


Anu jadi topik dina warta di luhur téh nya éta ….

A. sumebarna Covid-19

B. lobana wisatawan di Puncak Bogor

C. wisatawan di puncak bogor asalna ti jakarta

D. wisata di Kota Bogor loba nu teu kudu mayar tikét

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Ieu di handap inpormasi anu luyu jeung warta di luhur nya éta ….

A. urang bogor loba nu wisata ka Jakarta

B. barudak ngora di Bogor tara maké masker

C. Ridwan Kamil ngalarang sakabéh warga wisata ka Puncak Bogor

D. Ridwan Kamil meredih warga Jakarta sangkan teu wisata heula ka Puncak Bogor

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Tempat wisata anu leuwih rawan jadi tempat nyumebarna Covid-19 téh nya éta ….

A. Puncak Bogor

B. wisata di jawa barat

C. wisata anu teu aya nu ngokolakeunana

D. wisata anu asupna kudu mayar tikét di Kabupatén Bogor

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Ridwan Kamil meredih sangkan nu ngokolakeun tempat wisata di Jawa Barat téh ….

A. teu narima wisatawan ti luar jawa barat

B. nerapkeun kudu mayar tikét

C. nutup tempat wisata

D. maké masker

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Alesan warga Jakarta teu meunang waka wisata ka Puncak Bogor téh ku sabab ….

A. markét bogor téh ti jakarta

B. loba anu teu maké masker

C. wisatawan anu positif covid-19 asalna ti jakarta

D. loba wisata anu teu nerapkeun mayar tikét asup