Isah : “Rat, PR Basa Sunda téh tos réngsé teu acan ?”
Ratih : “PR nu mana téa nya ?”
Isah : “Eta geuning ngadamel sisindiran !”
Ratih : “Oh, éta. Nu mawi abdi mah teu acan. Dupi Isah, PR-na tos bérés kitu ?”
Isah : “Parantos, kaleresan dirorompok aya Aa, pinter ngadamel sisindiran .”
Ratih : “Euleuh resep atuh nya ari aya nu ngabantosan mah! Abdi mah teu aya pisan nu tiasa diajak badanten. Janten sakalieun aya PR nu sesah téh sok binggung.”
Isah : “Ah, tong bingung-bingung atuh. Sumping ka rorompok pan caket. Urang sasarengan diajar. Pun lanceuk sareng pun Biang mah pasti bingaheun geura.”
Ratih : “Insya Alloh ka payun mah.”
Naon sababna Ratih ngarasa bingung?